Kamis, 03 Februari 2022

Ngajaga Kasehatan Mata

Mata mangrupakeun salah sahiji indera nu paling penting keur manusa. Ngajaga kesehatan mata bisa ngahindarkeun urang tina resiko penyakit mata nepi ka lengitna tetempoan. 

Babaraha hal nu bisa urang lakukan keur ngajaga kesehatan mata. 

1. Rutin mariksa ka dokter mata  

Ti mimiti budak nepi ka kolot dianjurkeun pikeun mariksa mata ka dokter mata husus spesialis mata saheuntena dua taun sakali. 

2. Ngonsumsi kadaharan nu bergizi

Panalungting nunjukin yen kadaharan nu sehat nu ngabogaan macem-macem nutrisi saperti vitamin A, C jeung E, Zinc, Lutein, Selenium, sarta Asam lemak Omega 3, bisa ngebantu nanggulangan kana masalah mata. 

3. Ulah lila teuing netep layar elektronik

Pateuteup layar komputer atawa smartphone lila teuing bisa nyebabkeun mata urang tereh cape. 

Kasimpulan na nyaeta urang kudu ngajaga mata sabab mata salah sahiji panca indera nu paling penting. Loba deui cara nu lain nu bisa dilakukeun ku urang supaya mata urang sehat.

 Dibuat Oleh : Alvi Agustina

SMAN 1 CIAMPEL KARAWANG 

Rabu, 19 Januari 2022

Dampak Positif dan Negatif IPTEK di Bidang Sosial Budaya

Apa saja dampak positif maupun negatif dari perkembangan ilmu pengetahuan dan teknologi (IPTEK) di bidang sosial budaya ? 

Perkembangan ilmu pengetahuan dan teknologi seakan tiada hentinya dalam menyumbang perubahan kehidupan manusia. 

Teknologi semakin lama akan semakin canggih dalam membantu mempermudah aktivitas sehari hari manusia. 

Contohnya dalam kegiatan sehari-hari kita pasti menggunakan smartphone, televisi, laptop, dll. Semua penciptaan ilmu dan alat teknologi pasti memiliki dampak. Adapun dampak positif dan negatif dari IPTEK sebagai berikut. l

•Dampak Positif

1. Mempermudah komunikasi dan memperoleh informas

Peran IPTEK disini membantu manusia supaya memperluas koneksi dan membantu dalam menyuguhkan informasi.

2. Membantu memenuhi kebutuhan hidup

Seperti yang kita ketahui kita dapat memesan makanan, belanja pakaian dan keperluan rumah, hingga memesan transportasi untuk melakukan bepergian. 

3. Meningkatkan potensi daerah

Seperti mengenalkan hasil bumi suatu daerah, tarian dan alat musik daerah, keindahan alam hingga inovasi masyarakat daerah. 

4. Membantu sistem tata kelola pemerintahan

Seperti melakukan pengurusan administrasi secara online hingga publikasi program pemerintahan supaya memiliki transparansi kepada masyarakat.

5. Memangkas waktu dan biaya

Hadirnya teknologi memberikan solusi kepada manusia dalam mengakses informasi kapan saja dan dimana saja. 

•Dampak negatif

1. Timbulnya kesenjangan sosial

Contohnya semakin berkembangnya teknologi akan menciptakan mesin yang canggih dalam memproduksi barang atau jasa. 

2. Perubahan Budaya

Perubahan gaya hidup, dan tata nilai masyarakat adalah pengaruh negatif IPTEK (Kemendikbud, 2020). 

Bercampurnya informasi di internet membuat seseorang bertukar informasi dan budaya sehingga seseorang akan mudah meniru terhadap apa yang mereka tonton. 

3. Memunculkan sifat individualisme

Setiap individu akan kehilangan kepeduliannya terhadap lingkungan yang ada disekitarnya. 

Teknologi menyita waktu manusia sehingga mengurangi sosialisasi individu terhadap orang disekitarnya. 

4. Memberikan efek candu 

Kecanduan teknologi bisa berupa gaya hidup yang konsumtif dan tontonan baik/buruk dan dianggap lebih seru dibanding dunia nyata. 

5. Rentan terhadap konflik dan kriminalitas

Dunia teknologi yang bersifat maya, masayarakat akan mudah mengeluarkan opini, pendapat, ide serta gagasannya baik dalam bentuk komentar atau pun artikel. 

Pendapat atau opini yang di lontarkan tidak dapat terkontrol sehingga bisa menimbulkan perbedaan pendapat yang menimbulkan konflik (Cahyono, 2021). 

Selain itu juga pembullyan dan juga pemalsuan identitas juga sering terjadi di internet. 

Rabu, 03 November 2021

Kecap rajékan

Nama : Alvi Agustina

Kelas : XII IPA 2

Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang.

Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana:

1. Rajekan Dwipurwa

Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana.

contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran

nu sejen : tatajong, bebentengan, uulinan sasapu, bebersih, kokolot.

2. Rajekan Dwimadya

Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna.

contona: sabaraha jadi sababaraha .

3. Rajekan Dwilingga

Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka).

Conto kecap rajekan dwimurni: mobil-mobil, motor-motor, jalma-jalma.

conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel.

4. Rajekan Trilingga

Rajekan trilingga nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup.

Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung

Senin, 08 Maret 2021

Biografi Bahasa Sunda

 BIOGRAFI BAHASA SUNDA

NAMA TOKOH: RA KARTINI

 


Nami : Raden Ajeng Kartini

Lahir : Jepara, Jawa Tengah, tanggal 21 April 1879

Pupus : Tanggal 17 September 1904, (waktos babaran putera cikalna)

Pendidikan : E.L.S. (Europese Lagere School), satingkat sareng SD

Caroge : Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati Rembang

Prestasi : Ngadegkeun sakola pikeun wanoja di Jepara.

Penghormatan : Gelar Pahlawan Kemerdekaan Nasional, Dinten Babarna tanggal 21 April ditetapkan mangrupi dinten besar

Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879, saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian  ku sepuhna.

Anjeunna mung sakola sakola dugi ka E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi satingkatsareng sakola dasar. Tamat  E.L.S, Kartini teras dipingit mangrupi kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.

Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng jalmi-jalmi terpelajar tur seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan kamajengan wanoja sapertos karya-karya Multatuli “Max Havelaar” sareng karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa.


Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge ngamajukeun sakola kanggo ngamajukeun wanoja bangsana, Indonesia. Sareng ngalengkah kanggo ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara.

Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis. Malah kanggo ngawujudkeun cita-citana, anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda, maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu langkung tinuwih.

Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,  Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados rimbitan.

Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi RA Kartini teu kateter tekadna. Saatos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja-wanoja lainna ku ngadegkeun ‘Sakola Kartini’ di tempat masing-masing sepertos di Semarang, Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon.

Naon  nu atos dipilaku  RA Kartini estu seueur pangaruhna kanggo kabangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia, pami Allah masihan yuswa nu langkung lami. Mung Allah mikahoyong sanes, anjeunna pupus dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun,  tanggal 17 September 1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna.

Pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Mimiti Republik Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.


Minggu, 07 Februari 2021

Bahasa Sunda Analisis Novel

 Nama: Alvi Agustina 

Kelas: 11 IPA 2

Tanggal: 8 Februari 2021


Analisis Novel

Judul Novel: Budak Motekar

Karangan: Juniarso Ridwan

Penerbit: Kiblat Buku Utama (2009)

Sinopsis Novel Budak Motekar

Sabada jadi anggota koperasi mah Nana teu cape teuing ngurus dagangan hasil tatanenna. Bisa jongjon sakola. 

Dikebonna lain bae aya pelak sampeu jeung samangka, ayeuna mah geus ditambahan ku pelak gedang. Maksudna lamun keur teu usum samangka, Nana bisa ngajual gedang. 

Uana kacida atohna, pedah kebonna bisa dimangpaatkeun. Indungna reueus pisan ningali kamotekaran Nana.  

Nu leuwih matak ngagumbiraankeun sarerea mah, Nana geus bisa nyumponan sagala ka perluannana ku ladang kesang sorangan 

Tema Novel: Budak nu motekar / Budak nu pekerja keras 

Tokoh jeung Watakna: Nana (Protagonis) 

Dodi (Protagonis)

Tarno (Protagonis)

Unen (Protagonis)

Indung Nana (Protagonis)

Pak Sura (Protagonis)

Pak Mantri (Protagonis)

Uana Nana (Protagonis)

Maling (Antagonis)

Latar: Walungan, kebon, imah Nana, imah Dodi, sawah, jalan gede, koperasi. 

Galur/Alur: Maju

Pandangan: Orang Pertama (Kuring) 

Amanat: Urang mun hayang jadi jalma sukses kudu suhud jeung motekar 

Eusi karya sastra jeung kamekaran jaman:

Lebet kana jaman modern kusabab kamekaran masyarakatna nu geus maju di tandakeun ku geus ayana koperasi

Kabiasaan masyarakatna:

Tradisional keneh. Maksudna, gandeulkeun pertanian jeung di padesaan 

Ajen moral: 

Urang kudu getol ntong pamalesan, kusabab urang budak remaja keneh



Ngajaga Kasehatan Mata

Mata mangrupakeun salah sahiji indera nu paling penting keur manusa. Ngajaga kesehatan mata bisa ngahindarkeun urang tina resiko penyakit ma...